Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ngeureuyeuh

Rabu, 6 November 2013

JAUH kénéh nu dijugjug. Di luhur gunung. Liwat leuweung nu luwang-liwung. Nikreuh. Nalukkeun kasieun. Karémpan. Pangpangna kahoréam --jampé pamaké pangedulan.
Atlas dibuka. Dibaca. Lebeng can aya raratan. Leuweung téh teuing kurembet. Mana poék. Giwangkara kahalang. Jadi kalang tina kalangkang. Panyumputan sato galak. Reuwas. Lampu sénter geus kurang tanaga.
Tigin. Dileukeunan. Hantem dibulak-balik. Teu burung aya kelemeng. Di tungtung deuleu aya nu samar. Sakolébatan mangrupa cahaya. Sérab kana mata, tapi tuluy sumarambah kana rasa. Sumélékét poporosé kana pikir. Diolah. Jleg jadi paréntah. Suku dititah leumpang. Ngaléngkah ngudag caang. Moro beurang.
Bray.*

Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya