Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Solat Subuh Kabeurangan

Kamis, 7 November 2013

NGONG sora adan ti masjid, ngalanglaeu kajauhna. Udin ngulisik, beunta, terus ngaréngkol deui.
Simbut dibebener. Ongkoh hawa karasana tiris kacida. Lat poho kana kawajiban salaku manusa. "Aing meunang!" aya nu nyorowok atoh. Teu lila kadéngé sora kérék dipapag ku panonpoé.
Sétan eunteup dina panon. Unggal rék beunta, gancang ditiupan tunduh. Beuki lila beuki rapet. Udin ngajéngjéhé. Hésé hudang.
Koréjat manéhna luncat tina dipan. "Aing can solat!" gorowokna. Beretek ka jamban, wudu. Emana bati gogodeg. "Udin, ari manéh solat naon wayah kieu? Rarasaan mah geus tabuh dalapan ieu téh", lanceukna nyindiran. Anu disindiran teu miroséa. Nangtung dina sajadah. Geus sajam nu keur solat teu ingkah tina sajadah. Angger nangtung. Nangtung nepi ka subuh deui.*

Irman N Dimyatié - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya