Wasiat Mamah
"TAH kitu wasiat Mamah téh, Lis." Ngabigeu. Létah ngadadak heurin. Hésé ngarugal-rigel ungkara. Pijawabeun ngulibek dina uteuk. Taya nu kedal. "Éta mah kumaha Neulis baé. Um mah sakadar nepikeun." Song. Surat wasiat ditampanan. Diilikan. Enya, tulisan leungeun Mamah. Apal pisan. Tandatanganna gé kitu pisan. Tapi eusina asa lain eusi haté Mamah. Enya gé rumasa tambélar, tapi da apal atuh ka indung sorangan mah. Rus-ras. "Mamah ukur bisa nganteur ku dunga. Jalan hirup mah sorangeun sorangan. Neulis nu boga pilihan." Lunta. Teu nungguan anggeus kuliah. Ninggalkeun Mamah jeung salakina. Taun-taun teu nincak lembur. Taun-taun teu ngiberan. Lain teu hayang. Lain teu melang. Ukur ngajaga bisi. Bisi Mamah apaleun boga incu. Bisi Mamah nanyakeun bapana. Bisi Mamah serangan jantung. Bisi... "Hampura Mamah, Lis!" cenah. Mungkas surat wasiatna.*
Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


