Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Wanoja Nu Ditato Saawak-awak

Jumat, 8 November 2013

“NAHA tato na awak manéh téh beuki dieu asa tambah reunceum, Unie? ” Tumanya Bunda ka budak awéwéna. “Eh ari ema, tato na awak Unie téh dumasar ti para lalaki anu pernah jadi papacangan Unie. Bobogohan jeung béngkél, dina leungeun gambar knalpot. Papacangan jeung pamaen Persib, dina tonggong gambar Stadion Si Jalak Harupat. Akrab jeung fikminer dina pingping gambar jempol jeung komentarna. Intim jeung Kang Iwan, dina cangkeng gambar hanjuang. Salingkuh jeung Dadan Sutisna, dina beuteung gambar logo www.daluang.com. Kencan sareng Kang Godi Suwarna, dina raray aya tulisan Durma Mahayudha. Layeut sareng Pa Nana Sukmana, dina beuheung aya fikmin Yusef Muldiyana II nu tos direvisi ku anjeunna. Anu panglobana mah basa Unie bobogohan jeung pagawe restoran, apan di awak Unie téh pinuh ku sarupaning gambar sambel goréng ati, kurupuk udang, tahu, témpé, rujak cuka, opor ayam jeung sajabana.” Unnie nyarita panjang lébar. “Nya ari kitu mah isuk geto manéh kudu bobogohan jeung pagawe pabrik cét, ngarah dipulas deui tah awak jadi bodas!” Ceuk Bunda.*

Yusef Muldiyana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya