Sastra & Humor
Fikmin
Ti Saprak Anjeun Miang
Jumat, 8 November 2013
PANONPOE leungit caangna. Mun peuting, purnama ge teu kateuteup pulasna. Angin cicing, dangdaunan jempling. Teu kapireng aya mangpirang hegak nu biasa nyoara lebahing tetelar nu dicaangan ku lampu-lampu nu mabrana sumebar.
Di mana? anjeun aya di mana?
Lebah patepungna cai talaga reujeung sagara, simpe beuki jempe. Rewuan kalangkang ukur ngagerenteskeun peurihna tatu. Tatu nu manjang. Jadi guligah dina saban keteg jajantung. Saban kuring ngegelan tungtung ramo.
"Ieu abdi, Kang. Dina jero sajak-sajak salira!" Sora manehna! Enya, sora manehna! Simpe peupeus. Dina unggal sajak, kuring manggihan rewuan pananya "Damang, Kang? tos tuang, Kang? abdi, geulis keneh, teu?" Pananya nu euweuh eureunna.
Kuring sono kana simpe.*
Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


