Sastra & Humor
Fikmin
Daun Tisuk
Minggu, 10 November 2013
NINI Uti, rebun-rebun kukurusukan, mandi ciibun. Ngeumbing pasir, muntang morot. Teu nolih heabna panon poe, ngalentab awak karijut, kari tulang. Nu diimpleng dapur ngebul. Daun tisuk digandong, suku paketrok, leungeun ngeleper. “Cep.., barade ngagaraleuh daun tisuk…?” Pokna, bari ngageberan awakna, ku tungtung samping. Nu dadasar di pasar, silih pelong. “Hampura Nini...” Nini Uti, melengek. Ret kana daun tisuk nu ngahunyud, ngarendeng jeung keresek.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


