Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Rama

Minggu, 10 November 2013

"SUGAN rék senang kawin jeung Akang téh, geuningan ngadon sangsara?" Digelendeng kitu ku Sinta téh Rama ukur jongjon nyeukeutan jamparing, cita-citana hayang manah para pangagung nu teu becus ngurus nagara, ngadon haben wéh naék-naékkeun harga. Kadéngé Sinta ngahandeuar deui, "Kaduhung baheula teu kawin jeung Rahwana. Mun seug daék mah meureun hirup kami téh sugih. Awak lintuh, moal kuru siga kieu.” Rama nangtung , neundeun hanca jamparing nu can réngsé. "Naha Nyai Sinta bet nyarios kitu? Kapan baheula Nyai jangji rék keukeuh mikacinta Akang sanajan hirup dina kaayaan peurih?" Ngadéngé omongan Rama, Sinta ceurik ngabangingik bari pok nyarita, "Nya da sugan téh moal kieu-kieu teuing atuh, Kang! Ngarawat rumah tangga téh teu cukup ku modal cinta geuning." "Jep, jep, Nyai jep! Tong ceurik waé, bisi dibejakeun ka Hanoman kéh!" ceuk Rama. “Ih, sararieun teuing,” ceuk Sinta bari lumpat ka kamar.*

Yusef Muldiyana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya