Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Tungkusan Asih

Minggu, 10 November 2013

TI luar mah basajan. Wangunan leutik. Buruan resik. Jen, hareupeun panto aya tulisan, “Uluk Salam”. Teu kungsi diketrok. Bray, panto muka. Sup ka hiji rohangan. Lalangitna langgong.
“Cobi tanggah ka langit, Geulis! Bulan ageung pisan. Sapertos teuteup Néng nu teu weléh moncorong na haté Akang.” Haréwosna ditepikeun ku angin.
“Ti tadi ge nuju diteuteup. Sami. Bulan nu sami. Aya urang dina sumiratna. Guliwengna nyorotkeun mamanis imut Akang.”
“Ehm..! Urang calik na mumunggang yu..!” Dituyun. Batu ampar minangka alasna. Tuur rapet kana dada. Sirah nyarandé.
Bulan anteng nyorangan. Cahya ngebrak. Nu megat karéta api teu riuk-riuk tunduh. Paroman katara capé. Karéta beuki kerep ngaliwatna. Motor mobil taya reureuhna. Nu daragang rapang.
“Na karéta pamungkas. Akang turun. Topi laken, jakét kulit.” Angin satia ngiberan.
Gerbong karéta nu geus lila ngabagug hareupeun stasion. Di dinya, manéhna nganti. Awakna ngawidwid.*

Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya