Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Keur Manéhna

Senin, 11 November 2013

LANGGEOR. Bangun teu nangan. Lieuk deui lieuk deui kanu neuteup geugeut ti balik panto nu méh meundeut. Payung ipis lain mamanis. Lain fantasi, tapi panyinglar girimis sangkan teu ngagaris damis. Melang leungit pupur ipis tawis panyari.
"Ulah lami."
"Moal geulis. Paling balik janari," témbalna, tapi ukur na imut nu matak ngalenyap.
Leungit lebah péngkolan. Brug sora panto nu digebrugkeun. Kolotrak selot nulak. Jep. Simpé di imah. Hawar-hawar aya sora budak maca alif-alifan. Nuturkeun sora kolot nu méh-méhan ngiles bareng jeung angin nu ngahiliwir.
Di peuntaseun. Tukangeun péngkolan nu marieus. Aya panggung. Agréng. Pinuh ku rarawis. Jeung buricak burinongna lampu warna-warni. Nang-néng-nong sora bonang. Kendang ngemprang. Ditémpas sora goong unggal lebah tungtung. Mirig réngkak ibing gandang. Nu tadi ngalanggéor kiwari pamér kabisa. Hareupeun jalma réa. Nyandiwara nyumputkeun rasa. Lain jual diri, tapi dagang pangabisa. Keur manéhna nu simpé dina impian di kamar kontrakan.*

Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya