Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Ngajak Balik

Selasa, 12 November 2013

GEP kana gelas sloki. Leguk. Botol pasoléngkrah. Teu dipaliré. Taun-taun uing dalit jeung inuman. Di luar kadéngé sora musik ngagembrung. Hawar-hawar sora nu tingcakakak ngaweuhan. Kusiwel ngaluarkeun keretas tina laci. Surat Ema ti lembur, sababaraha taun ka tukang. Aya opat lambar. Disimpen tarapti. Teuing geus sabaraha lebaran teu balik. Kertas dirames. Dibalangkeun. Aing hayang balik! Ceuk saha aing teu hayang balik? Tapi balik ka mana? Ka saha? Saha nu daék ngampihan? Leguk deui. Sirah karasa nyanyautan. Aya nu nyedek kana angen. Nyeri. Uing ngagerung. Belewer asbak dibalangkeun. Calacah jeung kuntung roko pasulabreng minuhan kamar. Eungap. Awak ngagibrig. Beuteung beuki heuras. Uing adug lajer. Kanyeri nyaliara kana dada, kana genggerong. Keur kitu, kadéngé sora nu keketrok. Bray. Lalaki kolot budayut, ngajanteng bari seuri cunihin. “Dupi malem lebaran buka kitu? Ka mana Si Mamih?”*

Dewi Ratna Damayanti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya