The Untouchable
DI kantor téh geus tuman nyorangan. Tara aya nu nanya-nanya acan. “Hésé diajak badami.” Kabéh koléga nyebut kitu. Antukna pada mencilkeun. Tapi angger baé ari sirah mah tanggah. Moal taluk! Ceuk haté. Sora haté nu séjén. Bubuhan unggal balik ngantor gé sok gék diuk heula di taman kota. Ngahuleng sorangan. Asa beurat balik ka imah téh. Kudu panggih deui jeung pirang-pirang karungsing. “Pa, énjing bumi kedah dikosongkeun.” Pamajikan carinakdak. Budak montél ka indungna. Ingetan laju ngaléok kana amplop anu sok nyumput handapeun berkas. Sabaraha eusina? Bet tuluy ngaheruk.
Poé isukna, kurunyung nu boga kontrakan. Teu bisa majar kumaha. Kakara beurangna bisa indit ngantor téh. Datang-datang tuluy gék diuk bari nungkup beungeut. “Ulah kitu euy! Da keur didinya-didinya kénéh!” Kadéngé nu nyarita. Bapa Kepala horénganan, bari ngasongkeun berkas. Sakedapan ngahuleng. Tuluy kakaratak kana handapeun méja. Ceg kampak anu salila ieu disumputkeun. Gecrok!*
Lugiena De - kisuta.com


