Guyang Getih
“COBI Pa, surat-suratna!” ceuk pulisi, ngaran Juhana, katémbong tina aksara di dadana. “Teu mawa!” walon Mang Borés, molotot bari ketus. “Pami kitu, Bapa ditilang!” ceuk Juhana. Jung Mang Borés nangtung, laju ngambek bari tutunjuk. “Tong sangeunahna manéh, Juhana! Sia mah teu apal sajarahna! Bisi hayang nyaho, aki uing téh nepi ka guyang getih alatan mertahankeun ieu jalan. Kari-kari ayeuna incu anu pangdipikanyaahna ditilang ku alatan teu mawa surat-surat? Cing mikir atuh sia téh, Juhana!” Juhana ngawalon bari soméah, “Hampura wéh, Pa, abdi teu terang yén aki bapa anu ngarintis ieu jalan. Mangga Pa, bilih badé ngalajengkeun perjalanan mah.” Geuleuyeung deui motor indit. “ Bener Mang, aki Emang téh guyang getih mertahankeun éta jalan?” Kuring, anu diboncéng ku Mang Borés, nanya. “Guyang getih ti mana horéng? Aki uing mah maotna ogé pédah tipes.”*
Yusef Muldiyana - kisuta.com


