Bahrudin
“MAMAH…” ceuk Norma ka indungna anu keur gogoléhéan dina ranjang. “Pameget anu kamari masihan dodol téh, rérencangan kuliah Norma anu tos lami teu tepang. Namina Kang Bahrudin urang Tarogong.”
Norma nuluykeun caritaan. “Anjeunna tos sabelas kali gaduh kabogoh tapi putus deui, putus deui, pajar téh istrina sok saralingkuh cenah. Tah… ayeuna mah anjeunna alim lami-lami bobogogohan, hoyong nikah saénggalna, capé bobogohan waé téh cenah. Perkawis biaya kariaan mah anjeunna siap nanggung. Seueur artosna Bahrudin mah, maklum pagawé anu suksés. Kumaha Mah, nampi?”
Ngadéngé omongan anakna, Bu Eni cengkat tina kasurna tuluy nyarita, “Har ari Enéng, nya éta mah teu langkung anjeun, kapan anjeun anu rék kawinna ogé. Éta sugan anjeun daék kawin jeung Bahrudin?”
Norma ngarénghap heula tuluy ngomong ka indungna, “Mah…, Bahrudin téh sanés ngajak nikah ka Norma, tapi hoyong nikah sareng Mamah, kumaha?”
Bu Éni reuwas campur atoh, ngadéngé omongan anakna. Tujuh taun rarandaan, ayeuna aya nu ngalamar.*
Yusef Muldiyana - kisuta.com


