Pahlawan
WAKTU manehna miang, mawa ruruhit kapeurih. Dipang nyolowedorkeun. Salah saeutik, kudu we, beungeut geuneuk. Bosen meresihan urut beling, heok, sepirtus. Geus era ku tatangga, ari geus nyebutan sato nu narajis. Si Bungsu mumul sakola, era ku baturna. Dumeh beungeutna corob, kaleob, kabarerang. “Nya, ceuk Ema oge baheula, lain campaka kuduna., jung Anaking, ku Ema didoakeun, mending jauh, itung-itung titirah. Batan deukeut, bari raheut. Keun budak mah Jeung Ema.” Ema Karsih, cipanona bedah, hate gudawang. Ramo pageuh, sungkan lugay. Teu bisa majar kumaha. Sataun diharudum Liwung. Waruga, kantun renghapna. Tasbe boleas, pegat talina. Ngampleng, taya iber. Ngalangeu, cimata beueus, ngadago kalangkang sugan. Hate kebek sono, ngemu palangsiang. Torojol Kades, ngeukeuweuk koran. Gabrug ngarangkul. “Ema mah bagja. Sampeureun jaga. Si Nyai rengse, jadi Pahlawan. Koran murag na lahunan. Breh, gambar jelema, keur ngalugas pedang.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com


