Sastra & Humor
Fikmin
Bulucun
Jumat, 15 November 2013
TEU ngukur ka kujur. Kuriak tohaga naker. Padu meunang euleuh ti tatangga jeung ti nu ngaliwat. Hayang katangar. Pada nyuluhan pada ngahihidan. Loba nu milu siduru.
"Rék nyieun karaton, meureun," abrulan ibu-ibu, nu mulang ti pasar tepung jeung nu rék ka pangajian, adu rényom. "Lain...!" bapa-bapa nu keur laha-loho maling deuleu mairan. "Rék muka toko swalayan, béjana."
Taya nu bukti. Teu karaton, teu swalayan. Nu kari rangkay bulukan. Geueuman. Dikuriling ku jukut nu ngajejembrung. Pantes jadi sayang oray. Taya nu miroséa.
Nu gaduh pindah dumuk. Ti pendopo ka hotél prodéo. Bulucun. Pakéan saraket awak. Ditinggal para badéga."
Entjep Sunardhi - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


