Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Jimat Awaking

Minggu, 17 November 2013

Pasoléngkrah. Dina kulit, tulang, dangdaunan jeung batu. Catetan pabalatak jaman harita. Jadi koléksi pribadi. Sakacatetna. Sabeunangna séwang-séwangan. Teu nyusun. Ukur pangémut-ngémut dimana talaran uteuk mintul. Tacan aya beundeulan. Timbul rupaning wanda.
Ngalalanyahan! Ngarintis. Naratas catetan harepan. Ngaroris bukti tinulis. Digabungkeun. Dipilih, dipilah. Diimeutan. Gemet daria. Digulanggapér, dipadungdengkeun. Diémbarkeun manca nagara. Méré kasempetan datangna bukti oténtik nu can ka sair atawa nyieuhkeun nu sakadar rumpaka syair biasa. Digulanggapér deui titik komana, rumpaka, harokat jeung tatabasana. Kadarian ngahijikeun mu’jizat ngajanggélék.
“Na ku naon ukur ditatap diusap? Baca, hartikeun terus amalkeun!” tanya kuring ka manéhna.
“Ieu téh produk pulitik, naha pantes dijadikeun cecekelan?”
“Naha?”
“Enya apanan ieu téh hasil kabijakan kholifah jaman harita!”
“Bener pisan! Tapi nu dikumpulkeunana apan maha karya!”
“Ingah paur wéh digugat mun pangawasana diganti!”
“Buktina teu kajadian, taya masalah euy!”
Manéhna malah ngabelengep. Tuluy nyarita,
“Naha mun dikumpulkeun jaman ayeuna, tetep bakal sarua jumlahna, kwartét genep?”*

Mulyana SA - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya