Meredong
MEREDONG. Dayeuh diranggeum keueung. Tengahing séah walungan. Laju bedah. Hanjat ka sédong-sédong gang. Ningker saban ringkang jeung runggunuk padumukan. Manéhna. Di loténg kontrakan. Ukur wasa ngarangkul nu negar rénghapan. “Aduh, nyeri pisan, Kang... Mia tos teu kiat...” Hégak ngerepan. Gap ngusap kandungan. Laju nyéka garajag késang. Haténa. Gumeter. “Caah déngdéng..! Buru ka laluar..!” Di luar. Mangpirang sora tinggorowok. Saurang-saurang turun tina suhunan. Moro parahu. Nu terus kebat biheung ka mana. “Mia hoyong pendak sareng Ema, sareng Apa..! Heu..!” Hégak beuki ngerepan. Manéhna. Kalah tipepereket ngarameus réma-réma nahnay. Kalangkang piligenti narémbongan. Nya manéhna. Nu geus ngiwat ranggeuyan impian. Lunta jeung panundung mawa sakapat riwan. Kiwari kapahung ditandasa kasangsri sorangan. “Buru ka laluar..! Cai ngeueum suhunan..!” Imah-imah nungtut rubuh. “Hapunten Mia... Heu..!” Hégak les-lesan. Aya getih ngamalir kana pingping. Aya nu ngoar mapag peuting. Aya tungtung hégak nembus langit luminjing. Manéhna. Ngarangkul duanana. Kalangkang narémbongan. Tapi dayeuh geus ngangkleung tengahing umpalan. Meredong.*
Ari Andriansyah - kisuta.com


