Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Awéwé ‘na Skétsa

Jumat, 22 November 2013

DI hiji rumah sakit…
Awéwé rengkung, ngarurub layon salakina nu karék les. Teu kuateun ku leukimia stadium opat. Cipanonna ngeclak tapi teu nginghak. Ras ka anak-anakna nu bureyek sagenep-genep.
Di hiji perumahan…
Awéwé maké gamis, tiungna rubak. “Saya ikut suami pindah ke Jakarta. Alhamdulillah, sekarang menetap di Indonesia,” Ngusapan beuteungna nu eusian dua bulan. Panonna nyorotkeun kabagjaan. Teu ieuh mikiran salakina nu urang Yordan, bakal bulak-balik ngalongokan pamajikan nu kolot.
Di palataran pasantrén…
Unggal isuk, Bi Éti tibeberegég ngadodorong roda daganganana. Pinuh ku rupa-rupa sayuran. Beungeutna nu bérod, teu weléh soméah ka sasaha. Tara ngangluh, komo deui hayang dipikarunya.
Di ditu, di nagri Fiksimini…
Awéwé geulis. Ngagogoréng maruna, nu pajar kolot, kuleuheu jaba hideung. Atuh, awéwé-awéwé di éta nagri, nu ngarasa kacodéka kahormatan, sararingkil sapakarangna-sapakarangna. Tingaracung, ngahujat dina jandéla séwang-séwangan.
Di dieu, hareupeun laptop…
Awéwé, ngahuleng. Aya karang leutik dina gadona nu ditanggeuy. Teuteupna kosong. Pipikiranana kosong. Haténa ogé kosong.*

Aam Amarullah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya