Dongéng Ahéng
UNGGAL malem jum’at kliwon, Ahéng kuncén kuburan, muka warung bubur kacang di tengah pajaratan. Nu mareulina lain sabangsaning manusa, tapi… Tuh geuning Drakula datang. “Mang, meuli roti bakar jeung kopi spésial campur getih parawan.” Ahéng ngaladangan. Jol deui Kunti’anak, “Héy mésér bubur kacang héjo tong diketanan.” Diladangan ku Ahéng. Datang deui Siluman Leuweung , gék diuk dina korsi panjang bari pok ngomong, “Weeerrrr!! Kulub endog soang satengah mateng, tujuh.” Diladangan. Sabot Drakula jeung Kunti’anak darahar, torojol Pocong aclog-aclogan nyampeurkeun warung. “Mang, pangdamelkeun Internét.” Ahéng teu ngaladangan, jongjon ngagodog endog . “Mang pesen indomi telor kornét.” Ahéng ngadon nyeungeut roko, teu ngaladangan. “Ih meuni teu ngawaro!” Ceuk Pocong bari léos, aclog-aclogan deui. “Mang, naha bieu pocong teu diladangan?” Ceuk Kunti’anak. “Ah, horéam teuing ngahuapanna, Néng.” Témbal Ahéng.*
Yusef Muldiyana - kisuta.com


