Sayur Langit Rujak Bulan
“KANG, ieu orok moal waka dijurukeun lamun akang can mèrè sayur langit jeung rujak bulan ka kami.” Geus opat puluh bulan umur kandungan pamajikan, tapi orok tacan borojol kènèh. Dumèh geus ti baheula pamajikan nyiram hayang sayur langit jeung rujak bulan. “timana atuh kuring rèk menang sayur jeung rujak eta tèh, ti kahyangan? Ganti waè atuh ku bubuy bulan sangray bèntang. Sarua meureun?” Ceuk kuring ka pamajikan. “Embung, kami mah keukeuh hayang sayur langit rujak bulan,” kitu tah tèmbal pamajikan. Mangpuluh tahun kuring nèangan, tatanya kaditu kadieu, tapi can manggih waè. Lamun mentana bubuy bulan mah, gampang, tinggal nèangan mp3 na tuluy dibikeun ka pamajikan. Ari Sayur langit rujak bulan mah kapan euweuh laguna. Tapi kuring yakin bakal manggihan naon anu dipikahayang ku pamajikan; asal urang ikhtiar , Gusti Allah mah pasti mèrè jalan. Genep bulan lilana kuring ibadah ka pangeran, teu kaliwat sholat lima waktu jeung tahajud, ngan kaliwat tilu kali sholat subuh jeung tujuh kali teu jumaahan. Unggal sumujud na sajadah, kuring mènta tulung ka Gusti, sangkan bisa nyumponan kahayang pamajikan. Tengah peuting basa kuring tahajud, pas kuring ruku, naha ieu pikiran bet ras inget ka Fiksimini Basa Sunda? Satutasna sholat tahajud, kuring muka internèt, nyieun fiksimini nu judulna “Sayur Langit Rujak Bulan”. Sanggeus bèrès, èta Fiksimini dibikeun ka pamajikan. Naha da teu kungsi lila pamajikan ngajuru, budak kuring lahir, kasèp naker. Awak beresih siga Ä–sih , gado siga Godi, huntu siga Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu, panon caang siga Iwan Hanjuang, tuur siga Yadi Fathur, lamun seuri siga Jojo Johari, sirah siga Siti Syaja’ah, lebah pangambung siga Ki Hasan. Nya ku kuring budak tèh dibèrè ngaran Si Fikmin.*
Yusef Muldiyana - kisuta.com


