Dénok
PASOSORÉ di lembur gujrud aya wanoja ngajentul di sisi wahangan. Bajuna rudag-radig. "Nu gélo anyar! Nu gélo...!" Barudak raéng ngahoyah-hoyah. Kurumuy Karwan jeung Jali. "Anjrit...! Lumayan recaheun engké peuting!" ceuk Karwan bari nyieuhkeun barudak. Sanggeus sepi, Jali nyampeurkeun ka wanoja. Terus nanya. "Saha nami?" pokna. "Dénok!" jawab wanoja. Karék gé rék engab nanya deui, Karwan ngaharéwos. "Mandian heula!" Jali ngarérét. "Mana sabunna, plok?" "Meuli, tah duitna!" Karwan ngasongkeun duit. "Kadé, ulah waka dipurak!" ceuk Jali bari ngaléos.
Sajeroning Jali indit, Karwan ngarayu Dénok. "Meni geulis!" pokna bari nyawél gadona. Dénok ngabalieur. Ragamang leungeun Karwan kana cangkéng Dénok. "Cicing Kang, pamali!" Dénok ngised. Karwan teu kuat nahan napsu birahina. Teu tata pasini, kerewek Dénok ditangkeup. Barang antel. "Aw...! Sétan...!" Karwan ngajengkang bari nyabakan dadana nu karasa panas. Jung, Dénok nangtung. "Teu sadayana istri tiasa digadabah, Kang!" ceuk Dénok, panonna beureum neundeun kaceuceub. Léos, indit ninggalkeun Karwan nu ngabebengkang.*
Eni Setiani - kisuta.com


