Mulang ka Asal
BULAN puasa opat puluh taun kalarung. Kuring bajuang mihukum Hérti. Najan teu kufu dina hal dunya barana. Tapi sarua kapéngpéonganana. Maksakeun. Teu burungan kolotna mikeunkeun. Najan haténa gimir sieun teu kaparaban, basa ukur rék diparaban kulub kulhu. Bibilintik usaha dina léléngkah halu rumah tangga munggaran. “Keun sinah karasa ku tulang beuheungna! Da bongan mawa karep sorangan.” Kitu ceuk mitoha harita.
Duaan itikurih. Peurih. Kuru cileuh kentél peujit, ngereketkeun ngeureut neundeun. Teu burung aya milikna. Kabiruyungan batian tilu. Awéwé kabéh. Kapasantrénkeun jeung kakuliahkeun nepi ka cacapna, tur bisa ngabagi duduluran jeung mitoha nu ngaligeuh.
Bagja. Mangsa Si Bungsu dipihukum puputon kalbuna. Dibawa jarauh kawas Si Cikal jeung Si Panengah. Puasa ayeuna kuring bareng jeung Hérti nu geus sarua ripuhna. Paduduan deui kawas bulan puasa opat puluh taun kalarung bari nyawang nu nyalekar. Incu-incuan nu lalucu.*
Mulyana SA - kisuta.com


