Inghak Girimis
ANJOG ka imah méh sareupna. Hujan mimiti ngaleutikan, maju ka raat. Awak jibreg, plastik dagangan ditambrukeun di juru. Beretek ka kamar mandi. Nuntaskeun katiris.
Di imah asa cakueum. Diharudum salimut, murungkut nyanghareupan jandéla. Kopi panas nyambuangkeun seungit. Layung geus tunggang gunung, diganti petengna peuting. Girimis angger ngiripis. Ngancikeun katiis nu rosa. Ragamang kana dompét, mudalkeun eusi. Diitung. Alhamdullillah, cumpon ongkos keur budak sakola isukan.
“Nyi!“ Bapa ngelol di lawang kamar.
“Boga duit lima puluh? Bapa nginjeum, ke gajihan digantian!”
Ngahuleng sakedapan. Rét kana duit, leuwih saeutik. Golosor dibikeun.
Ngahuleng deui. Ngitung duit deui. Aya kénéh ongkos keur budak mah. Plong!
Simpé asa séséléké. Sora girimis ngécéskeun rasa. Aya nu lénglang na haté. Pagaliwota jeung rasa katidérésa. Curucud cai sarupa girimis maralak laun tina sela soca.
“Neda ampun emaaa... sanajan karasa peurih kaperih nu ditibankeun tina lisan, mugia teu matak ingkar haté abdi sangkan tetep ikhlas mikanyaah ema..”
Bréh na sawangan, ema nyeukseukan lakar dasar tadi beurang. Tipepereket nahan kapeurih.*
Ratna Ning - kisuta.com


