Sastra & Humor
Fikmin
Gurat
Sabtu, 30 November 2013
TIT..., tit..., sora tina alat nu dipasang. Selang jeung kabel pajurawet. Gurat rérégéan dina monitor. Lambaran hirup mangsa kalarung, bruh-bréh narémbongan. Hideung, bodas, piligenti. Mangsa éndahna laki-rabi. Tuluy pakucrut. Banda korédas. Si bungsu nu teu kapuluk. Rabi ngejat, teu pisan ucap. Kaduhung. Ngerejet. Hayang ngundurkeun mangsa. Unggah kana tangkal, neukteuk tambang nu meulit na beuheungna. Sangkan guna, ngarah bagja. Bréh si bungsu, ngahiap, bodas satungtung deuleu. Jorojoy, laju nyampeurkeun. Hawar-hawar renghik si cikal, bakal nunggelis. Teu walakaya. Sukma geusan kumalayang. Tit..., tit..., gurat lempeng dina monitor. Hujan ngeprul luareun jandéla. Lir kila-kila.*
Budi Mugia Raspati - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


