Teu Beunang Disisilihan
LAYUNG hibar di mumunggang. Caangna ka buritnakeun. Najan ukur sakedapan. Matak éndah katingalna. Pikir Dénok ngawang-ngawang. Nyawang mangsa nu kalarung. Duaan dina tepasna. Silih cacapkeun kaasih. Kiwari ukur kalangkang, nu aya dina sawangan. Duka téh teuing di mana. Beubeureuh Dénok ayeuna.
Ma Élah ngawanti-wanti. "Ulah dipikiran teuing, jodo mah moal ka mana. Engké gé datang ka manéh, duka saha-sahana mah!" Dénok imut jeung ngadilak.
Teu bisa disisilihan. Panceg haté teu galideur. Asihna keur ka saurang. Leungeun Ma Élah ngusapan. "Lalaki téh lain hiji. Si Ujang tong dipikiran. Boa-boa geus rimbitan." Ma Élah asup ka imah. Dénok nuturkeun ti tukang. Ma Élah ngomong, pokna téh. "Mening teruskeun diajar. Keur nanjeurkeun bebeneran."*
Eni Setiani - kisuta.com


