Ki Sobat
GEUS heubeul teu panggih Ki Sobat. Aya béja kawin ka Ikeu anakna wadana Karangnunggal. Pareng ka Lembur mimitran Damas, gok panggih, puguh sono. Saenggeus ngobrol ngalér-ngidul, ngajakan dahar di imahna, cenah pasakan pamajikanana ngeunah. Keur mah lapar imahna teu jauh, giak bareng ka imahna. Datang suwung, aya anakna keur maén PS. “Asép, ari Mamah ka mana, teu masak?” Anakna jongjon maén PS pokna, ”Teu acan Pa, Asép teu acan emam.” Ki Sobat melong kuring semu éra. ”Duh, hampura euy, kudu diwarah ieu mah, mindeng kieuna, tempokeun ku Enté, lamun datang ku uing dicarekan!” Bari kekerot. Kuring ngan ukur kéom teu bisa majar kumaha, can garing Ki Sobat ngomong, kulutrak pamajikanana datang. “Eh Ibu, ka mana heula, masak naon yeuh?” Pamajikanana nembalan bari jamotrot. ”Masak-masak, puguh tas latihan koroncong jeung Pa Adang, ayeuna kudu ka ditu deui, pangnyemirkeun sapatu anggur mah lain cicing baé!” Ki Sobat geumpeur bari rampang-reumpeung. ”Sapatu anu badé disemir anu mana Ibu?”*
Iwan Hanjuang - kisuta.com


