Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Gundam

Senin, 2 Desember 2013

”NAON..?! Tulis wé tong loba mikir..! Barina saha nu rék macana..?! Najan pondok, tapi karasa ngajedak kana mamaras. Teu hayang deui-deui ménta kamandangna. Nulis, kari trét. Teu kudu loba tatanya. Rék nulis naon baé, heug. Geus jadi mah da pangarang nu kawasa. Pék téh teuing rék ngacungkeun jempol atawa henteu. Pék téh teuing rék komén kumaha waé ogé. Nu penting mah ieu haté ulah norowéco sorangan. Da bongan nu ngajak haharéwosan tengah peuting wayah peureum téh taya towongna. Ngabéjaan kalakuan si itu kitu, kalakuan si éta kieu. Bari kuring teu boga urusan jeung maranéhna. Pék téh teuing! Rék kitu rék kieu ogé da lain urusan aing! Nu kudu jadi catetan, nulis téh bari kudu puguh udageun. Ulah ka mana karep. Na teu apal anjeun? Satiap lenjeran carita, hiji waktu bakal ménta tanggung jawab ka nu nulisna. Heueuh..?!”
“Aéééh…Nénéng? Gugah..! Geura ibak, Cu…”*

Yanti Sri Budiarti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya