Sajak Carinakdak
PEUTING beuki gumiwang. Langit semu ngempur, dibalur cahaya bulan sakembaran. Mung wasa nyerangkeun tina jandela, basa mangpuluh kapal tingbelesur ka jomantara. Beu, tulus meureun Ekspedisi teh. Tangtu manehna aya dina salahsahiji kapal nu ayeuna arindit nyungsi langit. Teuteup panon ngukuntit nu tingkaretip ngajauhan. Nepi ka ilangna sapisan.
Ret, kana kaktus di pojok kamar. Panineungan tingpuriding deui. Harita ngan manehna nu ngupahan sangkan ieu leungeun duanana nu tatu parna teh kudu gagancangan diamputasi, tuluy diganti ku leungeun beusi.
Kakara rap tadi, bubuhan loba teuing tinimbangan. Ragamang kana kaktus. Euweuh rasa. Sakitu cucukna ngahaja dirampa. Boa kulit lemes manehna oge engke mah moal karasa geleserna. Atawa moal kadenge deui galindengna.
"Letnan, sakedap deui ieu kaktus teh bade sirungan."*
Asep Komara - kisuta.com


