Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Susu Jupe

Selasa, 3 Desember 2013

WANCI maju ka beurang basa munggaran anjog di Cirebon. Panas mentrang, bayeungyang, keur mah mobil taya AC-an tapi weléh teu kawawa éndahna, da puguh manéhna di sagigireun, nyupiran. "Lami kénéh, Kang?" kuring tumanya. "Lumayan." Walonna. Sor, kuring ngasongkeun cai mineral, "Bilih hanaang." Manéhna ngarérét jeung gelenyuna, "Alim, ah. Akang mah hoyong susu jupé. Ehm... Ni'mat." Pokna. Asa ditonjok angen, asa kaléntab seuneu nu ngagedur. Peletak! botol cai kana sirahna. "Teu waras! Obsési téh kamalinaan, Kang. Ari abdi kirang naon?" Nu dicarékan kalah ngehkey. Kuring ngabalieur, miceun teuteup ka luar kaca jandéla. Sakapeung rérétna dibales ku dilak. "Teu kenging baeud waé. Awon katinggalna." Cék manéhna bari nyawél gado. Kuring teu miroséa. Mobil nyisi ka kénca, rég, eureun. "Hayu, lungsur heula di dieu." Pokna. Lol, tina kaca katémbong spanduk di hiji bangunan. "SUSU JUPE (JURAGAN &PENGUSAHA) JL RAYA PERJUANGAN NO 10 CIREBON".*

Bunda Unie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya