Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Lodaya

Rabu, 4 Desember 2013

KARÉTA ngaléong. Nyemprung, ninggalkeun Bandung nu ngungun. Ngalangeu, ngumbar paneuteup. Hatongna ngahaong. Kuik! Gujes! Gujes! Ngaweuhan. Ngadédod, lebah Nagrég. Laju Cipeundeuy.
Brul. Ngambreg dibaraju hideung, ditergos. Leungeun pinuh tato. Samakta.
“Ngajedog! Tong loba ceta, karéta geus dikepung!” Nu bedegel, ngahaok. Tagiwur.
“Garadah kabéh, tong aya nukaliwat!” Si Codét nyelengkeung. Kuring ngarampa bungkusan, jeroeun jékét. Teteg.
“Saha rundayan Empu Adiwirya, Empu Banyak Widé?” Euweuh nu lémék.
“Goblog kabéh! Hayang dikirim ka naraka?” Si Bedegel téténjrag. Congo péstol, bedil, nampeu kana beuheung panumpang. Késang ngorolok. Gap kana saku calana. Ngaranggeum patrem. Diusap. Peledug, haseup ngelun. Jleg. Istri geulis kawanti-wanti. Ngéprétkeun salindang. Pakarang raclik. “Hengén milu! Remana, marucuk eurih. Kekeprok. Haung! Sora handaruan. Geblay. Lodaya gagah. Brek, depa.
“Sok, naék! Peureum! Tong beunta, saacan aya tangara!” Clé. Reup. Belesat.
“Beunta!” Reg, hareupeun wangunan.
“Siar kaweruh! Tong poho dipurwadaksi!”
Biur. Nu geulis, nangkod dina tonggong Si Belang. Bitisna, ngolényay.*

Nena Cunara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya