Sastra & Humor
Fikmin
Rajakaya
Kamis, 5 Desember 2013
“MENDING tanyakeun ayeuna ka bapa téh, di mana sértipikat tanah, sawah jeung imah diteundeunna,” ceuk nu cikal. “Sakalian jeung buku tabunganana, mun perlu urang jieun surat kuasa ngarah sina ditandatangan. Kapan dina emprona dicokot duitna ka bank moal hésé deui,” ceuk nu panengah. “Hawatos atuh, Kang. Kapan bapa téh nuju teu damang répot. Piraku dirobéda ku masalah nu kitu,” ceuk nu bungsu bari carinakdak.“Sidik meungpeung aya kénéh, éngké mah bakal hésé geura, Jeungna deui bisi kapiheulaan ku Bi Euis jeung anak-anakna nu sakitu gawokna ningan,” ceuk nu cikal bari muncereng ka adina. Aranteng padungdengan. Teu nolih ka nu rénghap-ranjug. Mulang euweuh nu nalkinan.*
Tiktik Rusyani - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


