Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Potrét

Sabtu, 7 Desember 2013

KARI dua poé deui. Can aya ideu. Mangkaning geus jangji ka Si Méyméy. “Bantuan, nya! Ajakan nu lainna gé!” pokna.
“Okéy, siap! Engké urang ajakan Si Aldo, Si Dédi, Si Tolé, jeung Si Ratna. Kalem wé, urang pasti mantuan!”
Ngontak balad-balad. “Hayu, urang ngariung téa!”
Sapuk mantuan, bari ogé ngeuyeuban. Meneran waktuna, pas caang bulan. Sapaparat gang pagegek. Lampion warna-warni. Hiliwir seungit hio. “Ka dieu! Ngumpul jeung babaturan urang!” ceuk Si Méyméy.
Prung! Tatabeuhan mirig Tarian Barongsay. Luar-léor ka unggal juru buruan. Jelegér pepetasan. Surak. “Siap, euy! Ayeuna giliran urang!”
Sora kendang jeung tarompét masieupan wirahma rampak penca. “Horééééé…!”
Balakecrakan ngararasakeun lontong cap go méh jeung opor. Geus téréh tengah peuting. Cahaya bulan mingkin sampurna. Si Méyméy nyampeurkeun. “Nuhun, nya! Geus milu ngaramékeun. Angpao nu tadi téh ti Papah Méyméy. Tah, husus keur manéh mah ku Méyméy ditambahan!” pokna. Ngasongkeun amplop beureum. Dibuka, potrét Méyméy. Maké kabaya encim beureum.*

Rameli Agam - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya