Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Dosa Ceuk Batur

Minggu, 8 Desember 2013

MALEM Minggu. Tring! Sora BBM asup. “Nuju di mana, Love?” Teg, pasti ti Kang Sarpoed. Pengacara nu kakoncara. Saprak manéhna sok jadi pembela organisasi teroris. Tarangna hideung jeung ka mana-mana maké kopéah bodas. Haté sabil, bales entong. Ahirna haté ngéléhan. “Nuju sareng rerencangan, Kang.” Euweuh deui balesan.
Isukna. Isuk-isuk kénéh. Mobil Alphard geus ngajugrug hareupeun imah. Pasti deuk ngajemput, ngajak bareng indit gawé. Teu bisa kukumaha. Da geus sababaraha minggu ieu, karasa pisan nyaahna. “Nung, tong sok sering ameng wengi atuh! Hawatos ka si Kaka.” Kuring ngabetem teu ngajawab. Enya, Kang Sarpoed téh, atasan salaki kuring, nu ayeuna keur katarajang setruk. Jiga nu bener ari omongna mah. “Teras, ari ayeuna urang kikieuan? Naha leres?” Kuring jiga nu ngabela diri. “Akang mah, sanes diniatan nafsu! Mung nyaah.” Kuring ukur seuri konéng. Ipis pisan geuning, kumaha ceuk urang, jeung kumaha ceuk batur téh. Alphard ngageuleuyeung nyungsi lalakon hirup kahareupna…*

Apoedy Sarah Ihsan - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya