Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lalakon Ocon

Minggu, 8 Desember 2013

OCON sotéh landihan, aran aslina mah Gibson. Meusmeus regot, Ocon nyuruput cikopi di warung Zulham, jalma beunghar nu jadi malarat jalaran duitna ludes ku togél. Warung téh ngadegna sisi Jalan Soekarno Hatta, nu saban poé teu weléh ramé ku ting saliwerna kandaraan. Cekiiiit! Bruk! Brak! Beulah kulon, kadéngé sora mobil ngerém disusul ku sora ngagudubrag jeung ting jumeritna nu ningali. “Wah paéh, getihna mancawura,” ceuk salah saurang. “Moal katulungan ieu mah,” cek nu séjén. Jalma beuki ngagimbung. Geuwat lumpat ningalkeun warung, panasaran hayang nempo. Ngan, lantaran Ocon pendék pédékrék tur aya di pangtukangna, teu bisa ningali saha nu katabrak. “Punten! Punten! Nyungkeun jalan! Ieu abdi wargi korban!” Ocon ngagorowok bari api-api nginghak. Priiit, sora piriwit. “Béré jalan! Dulur korban datang!” Ceuk tukang parkir. Jalma-jalma méré jalan. Ocon Laluasa ngadeukeutan korban, nyaéta anak embé nu geus teu nyawaan. Ocon olohok, katémbong beungeutna pias, semu beureum.*

Yusef Muldiyana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya