Panganténan Salalawasna
ANJOG di basisir Santolo, panon dibébénjokeun ku ngeplakna sagara. Béh kulonna panon poé arék surup. "Éndah!" ceuk manehna. Kuring males ku unggeuk. Gék diuk dina saung, manéhna ngaléndé bari nyawang lambak anu silih-udag. Leungeun kénca ngagarayam nyampay dina taktak manéhna. "Ih, ulah kikieuan éra!" pokna bari ngepiskeun. "Baé wé atuh da sidik urang mah pasangan anu geus sah, maké jeung éra sagala, bari na ogé da teu warawuh ieuh!" Témbal kuring bari gep kana dampal leungeunna. "Nya éra wé, bisi aya nu nyebut Roméo jeung Juliét!" Pokna téh.
Kuring seuri ngehkey ngadéngé omongan manéhna. Gep leungeun katuhu kana iteuk terus nangtung. "Hayu Nini, urang ka losmén geus peuting ieu teh!" manéhna cengkat bari muntang kana awak kuring anu ampir ngagaléong.*
Eni Setiani - kisuta.com


