Péngkolan Jalan Ka Subang
MUDUN jeung méngkol lebah kebon entéh tèh. Lebah dinya pisan manéhna nitah eureun. "Sakedap," pokna. Patalimarga tingsuliwer. Hawa tiris mudun ti pucuk gunung, sanajan halimun can katémbong ronghéapna. "Naha kudu di dieu reureuh téh?" Kuring panasaran. Manéhna kalah imut, najan témbong kénéh alumna. Ramo-ramona nu léncop ngahaja dipaké nyapu pucuk entéh nu lemes kénéh. "Aang moal ngartos mun ieu téh jalan ka Subang." Kuring némbal, "Mun ieu jalan ka Paris, kumaha kitu?" Ari pokna téh, "Mun ieu jalan ka Paris, abdi aya dina dongéng. Tapi ieu téh pan jalan ka Subang, sarta abdi moal tiasa deui ka Soréang." Waktu manéhna nyawang ka jauhna, kuring ngeluk. Inget kajadian tadi isuk. Manéhna jeung pamajikan paungku-ungku, nyeungceurikan nasibna séwang-séwangan.*
Darpan A Winangun - kisuta.com


