Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Tukang Sarang

Selasa, 10 Desember 2013

KA Rémbong kulantang-kulinting di burieun ténda agréng, bangusna kunyam-kunyem teu eureun-eureun. Sakapeung neuleu langit, laju ngipas-ngipaskeun ramo katuhuna, nu rapang ku batu ali. Langit meredong, ceudeum. Pihujaneun ngagayot. Tina sela-sela ténda pang burina, sawara bikang ngacaprak, ngéngkréng ngajengér. "Deuleu langit Mbong, ulah hayang ngalebok persekotna doang, ari gawé kalahka molor dia mah. Aing teu hayang nyaho. Mun tepi ka kajadian, beuheung dia jaminannana".
Beuki beurang awan kalah beuki nangtang. Cluk-clak, pras-pris. Ka Rémbong beuki sering gadag-gidigna. Pirunan meledug, bau menyan campur pérétékna beuleum uyah, karasa beuki sering. Durugdug, noong ceungceuman di opat pojok, kabéh taya nu ngagunasika. "Gusti, aing tulungan. Mun nepi ka turun, meureun éwé aing moal bisa balik ti imah bidan" ngalengis nyuuh gigireun pirunan, barang pras-pris ngerepan.
Torélap, jelegér. Guludug mairan. Laju peureum, jung nangtung, ranggah nampanan gelap. Geleger, son sistem kadéngé nyawara calagara.
Bray beunta, bréh... éwéna dituruban samping kebat. Dirariung.*

Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya