Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nyungsi Imut Widadari

Rabu, 11 Desember 2013

BALIK jumaahan. Panonpoe pepedengkreng. Teu ieuh jadi halangan. Gura-giru muru kantor pos. Nyokot weselan. Honor carpon. Lumayan. Mahi jang meuli baju sakola si Jalu. Ladang ngajual lukisan mah geus dibeulikeun emas jang indungna. Jadi sagrameun. Ngagantian alina, nu mangkukna dipake nyicil hutang. “Alhamdulillah. Cumpon saayeunaeun mah.”
Ras kana omongan khotib tadi, “Lalaki wajib nyungsi rejeki. Bikeuneun ka widadari. Pamajikan nu surti kana kaayaan salaki. Nu teu weleh ngawur syukur ka Gusti.” Teu sabar. Hayang geura tepi ka imah. Leumpang mingkin gancang. Hayang geura nyawang imut pamajikan. Hayang geura ningali si Jalu make saragam.
“Abah, mana saragam teh?” Si Jalu ngabageakeun. Sor dibikeun. Rap dicobaan.
“Deuh, nu gaduh saragam anyar,” ceuk indungna bari ngadeukeutan.
“Kanggo Ambu mah ieu...” teu tulus ngasongkeun. Dina leungeun ukur aya pelastik. Euweuh eusian. Rumpa-rampa. Kudak-kodok kana saku. Ngahuleng.
“Atos atuh, Bah, tong diemutan teuing,” pamajikan imut, “Sanes rejeki urang panginten. Sing enggal kagentosan deui we. Si Ujang gaduh saragam anyar ge tos langkung ti cekap.”
Gustiiiiiii .... ieu meureun nu ku khotib disebut widadari teh ...*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya