Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Renung

Kamis, 12 Desember 2013

“NYAI ayeuna mah anak Ema...” Dareuda. Ma Inung. Luhur bangbarung. Tarapti nyéka curulung. Tina hideung santen sampulur waruga Enung. Laju sisir nyangling lambaran-lambaran kukusut buuk wulung. Tutas dikosok-dimandian sakujur rurub kekebul nahun. Lalaunan. Taktak diragap. Malik. Séréngéh. Raragas réma regas. Ngusapkeun cahaya salega rupa. “Geulis geuning anak Ema téh...” Enung nyéréngéh deui.
“Wirang...! Ieu kampung dicicingan ku nu burung...!” Kuwu. Ambekan raga bayuhyuh. Ngerepan. “Burung soténan pikiranna, Kuwu! Da rasa jeung pangrasana mah sarua kawas urang. Ti baheula kami téh hayang boga anak, kakarak ayeuna kaparengkeun...” Ngagelek. Ma Inung. Mangpéngkeun beueus. Kana rarangsak balacu salakina dina bilik. “Matak naon mun ngukut nu jejeg baé?” Di juru. Enung ukur nyéréngéh.
Ma Inung. Maneuh nyéka curulung. Rém-réma ngalakay. Lir muguran kana lelemah sadrah. Rintih. Beuteung dirampa. Séréngéh. Karasa. Aya nu usik jeuroeun bureuyeung. Teu lila ti antarana. Papada teuteup. Namperkeun renung. “Ku saha Nyai téh...?” Deui-deui Enung nyéréngéh. Aya ringkang bayuhyuh kokolébatan.*

Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya