Sun Tangan
KIRATA guru, digugu jeung ditiru sakuduna jadi dasar tuladaneun murid-muridna. Satékah polah kuring ngaluyukeun ucapan jeung lakulampah. Malahmandar merenah tur bisa istikomah. Lalakon awon baheula geus dipangpéngkeun jadi runtah. Cadu hirup awuntah!
Geus jadi kabiasaan nu maneuh méméh asup ka kelas barudak sok sun tangan. Piligenti. Nguriling. Ngahurmat sabarian ngalap barokah. Lebah Aam mah bet asa béda. Solongkrong leungeun Aam. Gep. Dampal leungeun kuring diangseu. Celengok. Dicium dibulak-balik. Rengkuh.
Bakat ku nyaah. Teu sadar leungeun kénca kuring ngusapan sirah Aam laju ka lebah tonggongna. Tilu balikan. Teu munapik hiur seungit buukna, ngahudang rasa nu béda. Aam reuwaseun. Réplék nerejel. Salah tarima. Bébéja ka indung bapana. Kuring diperkarakeun. Ahirna ngaringkuk di pangbérokan bari teu poho nyium leungeun, ka sing saha baé nu besuk.*
Mulyana SA - kisuta.com


