Kélong Wéwé
TI beurang kénéh, Nyi Engkah geus sengar-sengir, bari élékésékéng, teu genah cicing. “Nyi, tos karaos?” ceuk Bi Munah. “Muhun, Bi! Mung reuhreuy kénéh.” Jawab Nyi Engkah, bari geus hésé ngaléngkah. “Ulah leuleumpangan di luar atuh! Mana sareupna, Pamali!” ceuk Bi Munah, bari ngaléos muru pancuran, nu deukeut ka tajug.
Wanci geus ngagayuh ka peuting. “Kang! Pilari ayeuna, Ema paraji téh!” Nyi Engkah ngajurungkeun. Léos, indit. Bakating ku rusuh, nepika poho teu mawa obor, panékér gé kalah diculkeun di luhureun bako.
Lebah péngkolan. Handapeun tangkal waru doyong, aya nu nanya: “Mané ngamana, Nyang?” Barang dirérét, atoh teu kudu jauh néang. “Aéh! Geningan! Ema paraji! Itu pun bojo, tos saborosoteun!” Bring, balik. Satepina ka imah. Teu tata pasini, bus! Si Ema asup ka pangkéng . “Euleuh! Ngeningan, ngeus nolol! Ho’k, ayeuna ngé, minyil!” Ceuk ema paraji. Teu sawatara lila. Goar! Kang...! Jep! Jempling. Kapireng ku salakina, aya nu céplak di jero kamar.*
Eni Setiani - kisuta.com


