Panjang Lalakon
INGET kénéh basa jadi kuli panggul di Pelabuhan Banten, nyakséni pisan kapal Cornelis de Houtman mimiti datang ka ieu nagri, minangka wawakil VOC anu satuluyna jadi cikal bakal perang campuh mangratus taun lilana. Moal aya nu percaya, basa di penjara Banceuy, kuring mindeng ngobrol jeung Sukarno ngeunaan pergerakan. Teu nyangka pisan manéhna tuluy jadi Presiden téh.
Lamunan ngalanglang mangsa, kajadian anu tumiba satungtung hirup bruh bréh narémbongan deui. Tuluy anjog dina hiji mangsa, basa Dyah Pitaloka rék miang ka Nagara Wilwatikta, kuring nu harita nangtung tukangeun Prabu Bunisora, milu nganteur ku teuteup nu beueus. Waas, da harita poé panungtung kuring ningali paromanna nu sakitu alum. Hésé! Hésé pisan mopohokeunana.
"Janten, sabaraha tahun yuswa téh?" manéhna ngagareuwahkeun "Kirang langkung 40 tahun," cékéng ngarang bari mantes-mantes. "40 taun nya? geuning katingalina langkung anom?" Bari imut, gutrut nulis. Kuring ukur nyéréngéh.*
Is Tuning - kisuta.com


