Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Hésé

Minggu, 15 Desember 2013

HÉSÉ sotéh teu gampang, lain teu bisa. Upaya kudu rohaka. Emut pisaur kangjeng naib Ahmad urang Tarikolot Lilangora, "Lain ogé niat ari teu prak mah." Teu weléh ngagalindeng.
Gembleng. Tékad geus buleud. Seja jujur. Bener hésé, tapi suda mundur.
"Ah tong idéalis teuing!" cék batur sapagawéan. Teu dilayanan. Ka pagawéan datang tara kapiheulaan, balik tara miheulaan. Sawan geureuh dipahing, lain teu bisa ambek. Pareng anak buah salah, piandelna didéngé. Ukur didéngé bari dipépéndé ku jampé pamaké karuhun. "Tong sieun salah bisi teu panggih jeung bener. Ngahaja salah éta nu jadi matak."
Jujur téh gampang-gampang susah. Gampangna tinggal guguru ka budak, susahna mun teu niat-niat acan.*

Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya