Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Si Ema Gering Parna

Rabu, 18 Desember 2013

GEULIS ti ajali taya bandingna. Matak pantes pada ngahéroan. Ngan édas ku nasibna. Mangsa parawan. Dihanca, dikekesek, disasaak bangsa deungeun. Jumerit. Nahun.Teu walakaya. Sanggeus diseuseup sarina. Ditinggalkeun. Sésa parawanna. Da puguh mongplo kénéh. Der! Didodoho tatanggana. Direwod ku anak incu, buyut, bao, jangawaréng. Teu reureuh, ti mangsa ka mangsa. Pada ngarangsadan. Kiwari kari kulit jeung tulang. Gawéna humaregung. Ki Tayar beurang peuting ngemitan. Neuteup beueus. Ngemu sugan. Sugan Si Ema waras. Beu! Nu gering kalah beuki parna. Jin sétan marakayangan bangun nu embung ingkah tina awakna. “Anaking…, wayahna ulah kapalang sabar, mun téa mah teu kabiruyungan ayeuna, atuh sugan jaga! Kapan sajatining bagja mah, sanggeus pinanggih jeung poé panjang! Saksian, lamun Ema geus sakarat. Aya kajadian naon! Anu baris tumiba, ka sakur nu geus ngarogahala ka diri Ema!” Si Ema nyaritana semu haroshos. Ana hing téh, Ki Tayar ceurik bangun kanyenyerian. Biheung iraha répéhna.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya