Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Satutas Begér Mindo

Kamis, 19 Desember 2013

TEU bisa diembung-embung sumawona dihayang-hayang. Hirup téh ukur prosés jeung prosés nuju sawawa nu kalan-kalan timuna teu diwates ku mangsa. Bisa téréh atawa lemod.
“Moal ngersakeun deui nganjang ka nu hérang Ang?” pokna bari nampanan babawaan ti panyabaan.
“Moal ah tos insyaf ayeuna mah. Émang tos siap diwayuh kituh?” serangan balik. Ukur dibales ku imut bari jebi. Apaleun yén kuring téh ukur omdo.
“Éta wéh geuning sok maling-maling nepangan patilasan waktos lalagasan, najan terang tos rimbitan ogé.”
“Jiiih! Éta mah silaturahmi atuh Nyi! Nu atos mah atos wéh. Tunda di handeuleum sieum. Pieunteungeun lalakon hirup! Keur mah gabug piraku Akang téh rék salah baé?”
Manéhna neuteup seukeut. Neuleuman batin kuring. Panonna ngembeng. Dideukeutan. Dikaléng. Cimatana bedah. Ceurikna elih-eliheun. Taktak jibrug ku cimata.
“Kunaon?” cékéng halon. Manéhna ukur neuteup ‘test pack’ nu gurat beureumna aya dua. Positip.
“Saha nu ngagadabahna?” cékéng bari molotot. Tirilit sms asup.
“Himpas euy! Silihranjah hiji-hiji!”*

Mulyana SA - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya