Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Fiksi Tengah Peuting

Senin, 23 Desember 2013

CAI nu ragrag tina talang, kadenge kari sakeclak nu dituturkeun ku keclak sejenna. Hujan gede tadi sore, ayeuna nyesakeun simpe. Gap kana sabotol red wine. tuluy dibuka, aya sora khas tina tutupna nu ngajaul, sora nu ngagentraan, teuing kasaha? Teuing kumaha?
Dina regotan ka tilu welas. Simpe siga ngalesotkeun kawasana. juru panon newak ngolebatna puluhan kalangkang, pulasna rupa-rupa. Pulas nu nyingraykeun hideng bodasna wanci. Aya bungur, aya kayas, aya beureum. Dina mangpirang warna nu eta, panineungan dientepkeun lir katumbiri. dientepkeun dina tiap hegak peuting nu pernah disungsi.
''Anjeun karaha tina kulawuna mangjuta kasono kuring!'' Palebah dada, aya gantawang deudeuh nu beuki peuyeuh.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya