Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Burakrakan

Selasa, 24 Desember 2013

LEUMPANGNA ngarengkog deui. Sanggeus léngkahna beuki ngadeukeutan panto beusi. Nu kasawang mimiti, sapasang peureup nu pageuh ngeupeul jaruji. Bréh deui. Beungeut nu ilang komara. Jeung béwos nu mimiti nyaliara. Kawas nu ngahaja disampakkeun keur manéhna. Luk, manéhna tungkul. Lain. Lain éta niat manéhna datang ka dinya. Lain rék ngadakwa. Musabab géhéng pabrik bapana. Ogé lain rék nganaha-naha. Geuning lalaki nu kiwari keur mencrong manéhna téh nyata ulon-ulonna. Geus mangpuluh kali manéhna meunang panggelendut ti éta lalaki. Yén kuli mah nya kuli. Ukur pamrih ku lumrahna gajih. Teu hayangeun leuwih. Reup, manehna peureum. Beungeutna karasa panas, karérab sorot panon éta lalaki. Manéhna. Hayang kedal papanjangan. Ngan éta lalaki kalah nyarita miheulaan. Sorana ngahiung bangbaraan.
“Geus euweuh nu nyésa, Lin! Urang kudu milih jalan séwang-séwangan. Mugia bapa Lin dicaangkeun di alam kalanggengan. Mung Akang wiat, Lin...budak urang ulah dipaséaan.”
Manéhna bati ngalieus, bari ngusapan beuteungna. Miceun panineunganana. Miceun keclak cipanonna.*

Asep Komara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya