Sasakala Nyaréat Katresna
LAHIR, budak, rumaja, parajaka di Banten. Nincak umur lilikuran, pindah ka Bandung. Wajar mun nyarita, rigig, pasemon, jeung mikir angger Kulonan. Can bisa ngayonan rindat Bandung.
"Angkat ngagandeuang, bangun taya karingrang, nganggo sinjang dilamban, Mojang Priangan," nu geulis ngalaeu di luhur panggung. Ti harita, lamunan, uteuk, haté, impian, dieusian ku bikang Priangan.
Ngider, salam ka ditu, salam ka dieu. Nyiar nu daékeun. Ngangawur pangirut. Lapur. Kalah sing puriding.
Haténa rajét. Mamarasna panas ngagolak. Lalanjung. Ambek nyedek, tanaga midek. Bingung, kudu mamarahan ka saha?
Neuleu kasedih duriatna, karuhun ngagurijag, laju ragem ngajajantung cawéné Bandung.
Saminggu ti harita, beus jurusan Merak metet ku Mojang Priangan, haliwu nyiar jawara Banten nu nyaung-nyaung nyumur tujuh, leungit katresnan.
Ti harita nelah, pakulonan tempatna nyaréat pangirutan.*
Rohendi Pandeglang - kisuta.com


