Béntang Kampus
BÉNTANG Béntang kampus. Nyéngcélak. Keureut beungeut lir béntang pilem India. Teu dipulas-polés. Cureuleuk lain ku lénsa. Huntu bérés teu maké pager kawat. Payus. Paingan milih jurusan tari. Loba nu kaédanan. Jinisna mah tonggoy wé. Tiis. Ngulkas. Giras.
Wanoh téh basa manéhna ka kontrakan, nganteur Lilis hayang diajar ngacapi. Malah mah manéhna ogé diajarkeun. Leungeun pagasruk. Meni panas tiris. Sologoto. Bet nitip salam ka Lilis. Pleng. Taya jawaban. Banget ku éra tara ieuh dipanggihan.
Teu sangka! Basa ngajingjing kacapi. Ngaliwat ka kantin. “Mang..., cik jentréngkeun, sarébueun mah!” sora awéwé. Nyelengkeung. Rét. Rey. Beungeut asa leungit. Ger. Baturna sareuri. Bangun nu ngeunah. Léngkah lungsé. Ruruhit kapeurih. Ngangen.
Kaparengan di kampus, aya pentas seni. Dipaksa kudu ngawih. Di Aula meni sahéng. Jentréng! Jep. Ngawih dienyakeun. “Rumasa ngan ukur bangbung..., bet hayang mitineung béntang....” Ger. Surak. Teu ditolih. Geuwat ka tukangeun panggung. Kasampak aya nu keur direjengan. Nginghak.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com


