Sastra & Humor
Fikmin
Satia
Jumat, 27 Desember 2013
LAGU Walk Away ngulibeng na rohangan rasa, Why build a dream, that cannot come true…“Akang capé nganti nu teu pasti,“ ceuk Anjeun, basa angin subuh népakeun gilisirna kana sungsum. Teu wasa ngawalon, ukur rahuh nu beurat marengan séahna hujan silantang ti kajauhan. “Naha meni anteng satia kana kalangkang?” Anjeun tumanya bangun nu nganaha-naha. Enya rumasa. Satia kana jangji, kana rasa, kana harepan. Rumasa teu bisa ingkah tina sumpah. Sok sanajan ringkangna tinggal kalangkang, asihna tinggal impian nu remen milaraan. Anjeun boboléh seja undur medal sila. “Kaheman Akang keur salira, salawasna.” Nu ngungkug bari tumungkul, ukur dijajap ku keclak cimata. You. I love you..but told you. Walk away..walk on.*
Tiktik Rusyani - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


